Thursday 31 January 2019

Sajak Sunda Judulna Tatar Sunda

- Dina Review -





TATAR SUNDA

Gemah ripah Tatar Sunda
boa ngan tinggal carita
sabab geus digunasika
kiwari ruksak alamna

Kaendahan pamandangan
caina herang ngagenyas
ayeuna kari kenangan
ukur nyesakeun kawaas





Tuh tenjo gunung ngajegir
geus robah jadi bulistir
tatangkalan mani rigil
sasatoan geus nyalingkir

Kawajiban urang kabeh 
ngamumule Tatar Sunda
peupeujeuh ulah talobeh
pikadeudeuh salawasna


Dicutat tina : Buku Sukapura taun 2005
 
Disini kita bareng-bareng mereview pesan apa yang terkandung dalam sajak itu dalam Bahasa Sunda ya..
 
Eusi sajak di luhur nyaritakeun kasuburan alam Tanah Sunda nu ayeuna ruksak. Sadaya kaendahan alam nu biasana jadi pemandangan tos ruksak, tos seep kantun ninggalkeun kawaas wungkul na emutan. Gunung-gunung tos seueur dipugaran, leuweung jeung tatangkalan oge tos seueur dituaran, sasatoan nu aya dileuweung lami-lami jadi paraeh tuluy beak. Geus jadi kawajiban urang sarerea pikeun ngurus tur ngariksa kaendahan alam Tanah Sunda, ulah tepika joledar kudu tuluy deudeuh tepika salilana, jadi tanggung jawab pikeun pada-pada jalma.

Silahkan jika ingin menambahkan ^_^

3 comments:

  1. Pagi mbak.. Mau tanya, arti sajak ini apa ya? Menceritakan ttg apa? Tp dlm bhs sunda penjelasannya. Terima kasih...

    ReplyDelete
  2. Gambaran eusi sajak “ Tatar Sunda”, nyaritakeun

    ReplyDelete
  3. Hapunten, pami sajak Tatar Sunda ieu karya saha...? Hatur nuhun..

    ReplyDelete

Terima kasih telah berkunjung, silahkan tinggalkan komentarmu di sini ^_^