Thursday 31 January 2019

Dongeng Fabel Bahasa Sunda Judulna "Tulung Tinulungan"

- Dina Review -





TULUNG TINULUNGAN

Di hiji rorogan sawah anu keur sumedeng gede pare, aya manuk tilil sajodo. Maranehannana jongjon ngawangkong. Ngobrolkeun kaayaan kahirupannana harita anu estuning keur aya dina kabagjaan, sabab sagala salieuk beh. Hakaneun kari am, tempat hees ngareunah, teu jauh jeung teu hese.
Sanajan kitu, tilil bikang mah rada teu pati berag. Demi anu jadi sababna mah manehna teh keur mikiran pisayangeun anu tumaninah keur tempat ngendogna. Kahayang tilil ditepikeun ka jagona. Tapi tilil jagona teu pati mirosea. "Lah, atuh nu kitu mah teu kudu teuing dipikiran. Di tengah kotakan ieu oge buni. Dapuran parena marontokjeung laluhur. Moal kagiridig ku nu jail, moal kaganggu ku batur. Pek sing jongjon di dieu, ulah loba kasieun", ceuk tilil jago.
Tilil bikang jongjon ngendog jeung nyileungleum di dinya. Endogna geus megar, anakna gumuling, tilu. Karek oge bulu kanyere, teu kanyahoan nu boga sawah ngalanglang pibuateun, diderepkeun. Obrolan nu boga sawah teh kadengeeun ku manuk tilil. Atuh lain dikieuna reuwaseunana teh, kasieunan anakna kaganggu ku nu dibaruat.





Tilil bikang buru-buru nitah ka tilil jagona sangkan neangan tarekah jeung menta tulung supaya anakna anu laleutik keneh teh salamet.
Geleber tilil jago hiber rada anggang ti dinya. Kabeneran paamprok jeung sakadang peucang anu keur ngiuhan handapeun tatangkalan. Tilil jago nepikeun katugenahna ka sakadang peucang. Ngadenge omongan manuk tilil, sakadang peucang pohara karunyaeunnana. Sakadang peucang nyanggupan rek nulungan.
Dina hiji waktu, isku-isuk mangsana murag cireumis, dina galengan geus ngaregreg awewe anu rek dibaruat. Ngadagoan dihempekkeun ku nu boga sawah. Keur kitu,  cerewet aya awewe ngajerewet, sabab ditejeh sakadang peucanganu teu kanyahoan ti mana jolna. Corowok ti ditu, ribut ti dieu, komo nu cawehwer bari gehgeran mah kalah raribut teu puguh laku, tingaraduh, tingaralah, samping soeh bitis raca, ditejeh ku sakadang peucang. Sawareh aya nu udar tiung, malah aya nu leungit etem sagala rupa, da cul anu disanghareupan, terus ribut rek ngepung sakadang peucang. Beuki lila, beuki ribut nu ngepun, mehmehan beak tanaga. Ari sakadang peucangna mah teu beunang.
Poe eta nu boga sawah ngajorowok, "Meunggeus, bisi pare kami kaleyek henteu pupuguh. Jeung apan geus beurang kieu, dibuatna oge moal bener. Cig bae baralik. Dibuat mah isukan deui atuh!"
Meunang sababaraha poe ngan kitu jeung kitu bae gawe sakadang peucang teh, ngaganggu anu rek dibaruat. Bolay deui, bolay deui. Anak tilil teh ayeuna mah geus buluan geus meber jangjang. Geleber hiber dititah ku indung bapana sina neangan sakadang peucang.
Sanggeus sakadang peucang kapanggih, anak manuk tilil marulang rek bebeja. Teu diengkekeun, tilil jago ngajak ka tilil bikang jeung anak-anakna nepungan sakadang peucang. Sanggeus paamprok, manehna nyarita bari ngalimba nganuhunkeun kana kahadean sakadang peucang. Cacak mun teu ditulungan ku sakadang peucang mah, duka kumaha nasib anak-anakna. Tilil bikang nambahan omongan tilil jago. Manehna sasadu henteu bisa mulang tarima kana kahadean sakadang peucang.
Ngadenge omongan manuk tilil, sakadang peucang nyarita yen tutulung sasama teh jadi kawajiban sakabeh mahluk satungtung mampu.





Tutulung mah rek ku harta, ku harti, rek ku tanaga atawa pikiran, sarua bae. Sakadang peucang nuluykeun omonganna yen dirina teu pisan-pisan ngarep-ngarep pamulang tarima ti manuk tilil.
"Ku geus salametna oge anak-anak anjeun, kuring pohara bungahna," ceuk sakadang peucang neuteup seukeut ka anak tilil anu marontok.
Anu diteuteup ngareluk tungkul.

Katerangan Kecap
  1. rorogan = sawah anu ngajajar
  2. gumuling = kakara bisa gulang-guling (anak manuk)
  3. bulu kanyere = bulu manuk anu kakara mekar congona
  4. berag = gumbira
  5. derep = buburuh dibuat
  6. gehgeran = kabiasaan nurutan omongan atawa kalakuan batur nu keur disanghareupan kalawan teu dihaja
Thank's for join 💖

Dicutat tina : Buku Sukapura taun 2005

No comments:

Post a Comment

Terima kasih telah berkunjung, silahkan tinggalkan komentarmu di sini ^_^